Tuesday, December 19, 2017
LIRIK SHOLAWAT AL-BURDAH
SHOLAWAT AL-BURDAH
MAULAAYA SHOLLI WA SALLIM DAA IMAN ABADAA…
‘ALAA HABIBIKA KHAIRIL KHALQI KULLIMII…
AMIN TADZAKKURI JII ROO NIM BIDZI SALAMII…
MAZAJTA DAM’AN JAROO MIM MUQLATIM BIDAMII…
AMHABBATIRRIHU MIN TILQO I KAADZIMATIN…
WA AUMADHOL BARQU FII DZULMAA I MIN IDHOMII…
DOSA-DOSA MANUSIA ADA GANJAR DAN SIKSA
DOSA ANAK DURHAKA ALLAH BALAS DI DUNIA
RIDHA AYAH IBUMU RIDHA ALLAH PADAMU…
MURKA AYAH IBUMU MURKA ALLAH PADAMU…
YAA RABBIBIL MUSTHAFAA BALLIGH MAQOO SHIDANAA..
WAGHFIR LANAA MAMADHOO YAA WAASI’AL KAROOMII…..
MAULANA
MAULANA YAA MAULANAA… YAA SAMI’ DU’ANAA…
BIRAHMATIKA YAA RABBI.. LA TAQTHO’ ROJANAA…
MAULANAA YAA MAULANAA… YAA SAMI’ADDU’ANAA…
BIRAHMATIKA YAA RABBI.. LA TAQTHO’ ROJANAA..
YA ALLAH YA TUHANKU …
BERIKAN AKU AMPUNANMU…
DENGARKANLAH DOAKU…
KU MEMOHON KEPADAMU….
MAULANAA YAA MAULANAA… YAA SAMI’ADDU’ANAA…
BIHURMATI MUHAMMAD.. TAQOBBAL DU’AANAA..
YA ALLAH YA TUHANKU…
DENGARKAN RINTIHANKU…
DENGAN SYAFAAT NABIMU…
KABULKANLAH DOAKU…..
YAA NABI
DUHAI ENGKAU INSAN YANG MULIA…
HADIRMU ADALAH PELITA…
SUNGGUH AGUNG PENGORBANANMU…
SUNGGUH MULIA PERIBADIMU….
WAHAI SAHABAT KENALI IA…
MANUSIA YANG PALING SEMPURNA..
SEMOGA KITA MENDAPAT SYAFAAT..
MARILAH KITA BERSHALAWAT….
YAA NABI SALAAM ‘ALAIKAA..
YAA RASUL SALAM ‘ALAIKAA…
YAA HABIB SALAAM ‘ALAIKAA…
SHALAWATULLAH ‘ALAIKA….
KARENA PRIBADIMU YA RASULALLAH…
KARENA KEMULIAANMU YA HABIBALLAH…
AKU JATUH CINTA AKU TERPESONA..
ENGKAU LAH TAULADAN BAGI KITA….
PANTASKAH KU MENGATAKAN CINTA…
KEPADA ENGKAU WAHAI KEKASIH ALLAH…
KARENA ENGKAU INSAN MULIA…
SEDANGKAN DIRIKU INSAN BIASA….
DOA HAMBAMU
DIDALAM GELAP MALAM AKU BERSUJUD..
MOHON AMPUN DAN RIDHAMU ATAS DOSAKU..
YA ALLAH LURUSKAN JALANKU…
DALAMKU JALANI HIDUPKU….
DUNIA YANG KUHADAPI KERAS DAN BERLIKU…
TAJAM DAN PENUH GODAAN TETAP KU TEGUH…
YA ALLAH KUMOHON PADAMU..
TETAPKAN AKU DIJALANMU…
YAA ARHAMARRAHIMIIN…
DENGARKAN DOAKU….
YA ALLAH BERIKANKU RAHMATMU DAN KARUNIAMU…
KUPANJATKAN DOA TULUS HANYA KEPADAMU….
Sunday, December 3, 2017
Lirik Lagu Pileuleuyan sdn 1 Kananga
PILEULEUYAN SDN 1 KANANGA
Yu.. Batur urang kumpul Babarengan
Hayu.. Batur urang kumpul Sosonoan
Jaga urang pisah, Pisah na Sewang sewangan
Hayu batur urang silih hampuraan
di SD hiji Kananga
nimba elmu sampe bisa
sabar na ibu jeung bapa
nungtun kuring sampe bisa
di SD hiji Kananga
Leber ku suka Jeung Bungah
Hatur nuhun ka ibu sareng ka bapa
moal hilap moal hilap salamina
Pileuleuyan SDN hiji kananga
Pileuleuyan Pamit ka Ibu jeung bapa
Yu.. Batur urang kumpul Babarengan
Hayu.. Batur urang kumpul Sosonoan
Jaga urang pisah, Pisah na Sewang sewangan
Hayu batur urang silih hampuraan
di SD hiji Kananga
nimba elmu sampe bisa
sabar na ibu jeung bapa
nungtun kuring sampe bisa
di SD hiji Kananga
Leber ku suka Jeung Bungah
Hatur nuhun ka ibu sareng ka bapa
moal hilap moal hilap salamina
Pileuleuyan SDN hiji kananga
Pileuleuyan Pamit ka Ibu jeung bapa
Sunday, November 12, 2017
Thursday, November 9, 2017
PUPUH MASKUMAMBANG
Laras
: mandenda / nyorong
surupan :
4 = T
BEBAS
WIRAHMA
Itu kusir
bangun ambek-ambek teuing
Turun tina
delman
Kuda
dipecutan tarik
Teu aya
pisan ras-rasan
Teu
ngaraskeun bong kena ka sato laip
Padahal
mogokna
Lantaran
geus cape teuing
Hayang
ngaso eureun heula
Coba lamun
aya nu neunggeul ka kusir
Geus tangtu
karasa
Nyeuri moal
salah deui
Sato ge
kitu sarua
Tandak
panambih : PUPUH MASKUMAMBANG
Gerakan :
sedeng
Naha abong
abong teuing
Nasib abdi
jadi hewan
Digawekeun
beurang peting
Dirangket
taya ras rasan
Abong kena
abdi sato teu ngarasken kana cape
Sadidinten
paeh poso
Mogok
soteh awak lunges
Coba kusir
mun di peupeuh
Pasti
nyeuri karasana
Sato oge
tangtu leumpeuh pada-pada boga rasa
Saturday, September 16, 2017
Lirik Pupuh Pucung Raehan
Pupuh Pucung ( Pupuh Raehan )
utamana utamana urang kudu rea batur
silih tulungan
utamana kudu loba batur
utamana kudu loba elmu
elmu manfaat keur sarerea
kahayang mah loba elmu pangaweruh
hoream diajar
watek tunduh sare wae
cing kumaha supaya getol diajar
utamana utamana urang kudu rea batur
silih tulungan
nungtut elmu ulah bari gurunggusuh
sok komo kapaksa
hasilnage moal hade
sakuduna dibarung ku kaikhlasan
pupuh pucung ... 2x
aa aa urang kudu loba batur
aa aa urang kudu loba elmu..uuuu
utamana urang kudu loba batur
(urang kudu-urang kudu..loba batur)
jeung silih tulungan
( aa..aa..)
bari nitip keun nya diri
(bari nitip keun nya diri)
budi akal lantaran papada jalma
( aa......aa)
urang kudu loba elmu, elmu anu manfaat
maslahat pikeun sadaya...pikeun sadaya
utamana urang kudu loba elmu
( uu uuu uuu)
elmu nu manfaat maslahat pikeun sadaya
( uu ...... uuu .....budi akal)
budi akal hiji amanat pangeran
( tipangeran)
aa aa aa .... urang kudu loba - - - - batur
utamana utamana urang kudu rea batur
silih tulungan
utamana kudu loba batur
utamana kudu loba elmu
elmu manfaat keur sarerea
kahayang mah loba elmu pangaweruh
hoream diajar
watek tunduh sare wae
cing kumaha supaya getol diajar
utamana utamana urang kudu rea batur
silih tulungan
nungtut elmu ulah bari gurunggusuh
sok komo kapaksa
hasilnage moal hade
sakuduna dibarung ku kaikhlasan
pupuh pucung ... 2x
aa aa urang kudu loba batur
aa aa urang kudu loba elmu..uuuu
utamana urang kudu loba batur
(urang kudu-urang kudu..loba batur)
jeung silih tulungan
( aa..aa..)
bari nitip keun nya diri
(bari nitip keun nya diri)
budi akal lantaran papada jalma
( aa......aa)
urang kudu loba elmu, elmu anu manfaat
maslahat pikeun sadaya...pikeun sadaya
utamana urang kudu loba elmu
( uu uuu uuu)
elmu nu manfaat maslahat pikeun sadaya
( uu ...... uuu .....budi akal)
budi akal hiji amanat pangeran
( tipangeran)
aa aa aa .... urang kudu loba - - - - batur
Lirik Pupuh Sinom Raehan
Pupuh Sinom ( Pupuh Raehan )
Sinom lagu kapungkur
sinom pupuh buhun
pikeun ngaguar rasa
rasa sunda ayeuna
sinom .... sinom.... 4x
ajen inajen budaya (sinom....sinom...)
keur ngasah budi pekerti (sinom....sinom...)
sanajan geus robah jaman (sinom....sinom...)
sing bisa ngigelkeun diri
(hirup sing waspada hirup sing nastiti)
dina jaman industri (hirup panggih bagja, bisa loba elmu)
parigel tur loba elmu
kudu ngasah pangabisa(hirup sing waspada hirup sing nastiti)
jauh tina tuna diri
panceg diri bari iman ka pangeran (aaa...aaa...aaa...)
u..u..u..u..huuuuuuu 2x
mangsana nyangga budaya (nyangga..budaya)
budaya ibu pertiwi
rumawat budaya sunda (a..a..a..)
na jaman globalisasi (dina jaman..Mangkade..mangkade)
mangkade ati ati (a..a..a..nastiti nastiti)
pangaruh budaya batur (a..a..a..prakcangking)
prakcangking ajen kisunda (ajen diri)
sangkan panceg ajen diri
ngangkat martabat kisunda sangkan jaya
(ngangkat martabat kisunda)( sangkan jaya)
Sinom lagu kapungkur
sinom pupuh buhun
pikeun ngaguar rasa
rasa sunda ayeuna
sinom .... sinom.... 4x
ajen inajen budaya (sinom....sinom...)
keur ngasah budi pekerti (sinom....sinom...)
sanajan geus robah jaman (sinom....sinom...)
sing bisa ngigelkeun diri
(hirup sing waspada hirup sing nastiti)
dina jaman industri (hirup panggih bagja, bisa loba elmu)
parigel tur loba elmu
kudu ngasah pangabisa(hirup sing waspada hirup sing nastiti)
jauh tina tuna diri
panceg diri bari iman ka pangeran (aaa...aaa...aaa...)
u..u..u..u..huuuuuuu 2x
mangsana nyangga budaya (nyangga..budaya)
budaya ibu pertiwi
rumawat budaya sunda (a..a..a..)
na jaman globalisasi (dina jaman..Mangkade..mangkade)
mangkade ati ati (a..a..a..nastiti nastiti)
pangaruh budaya batur (a..a..a..prakcangking)
prakcangking ajen kisunda (ajen diri)
sangkan panceg ajen diri
ngangkat martabat kisunda sangkan jaya
(ngangkat martabat kisunda)( sangkan jaya)
Papatah Kolot
PAPATAH KOLOT
- Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka medan jerit ulah dengki, lumampah ka medan dadalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub
- Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu
- Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah
- Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, matak sing ati-ati
- Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung.
- Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwh sanget tibatan sungut
- Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal anggih jeung balitungan
- Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan
- Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah
- Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah
- Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang
- Jelema mah tungkul tumpuk kalalaputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, sore janji isuk teu dipake
- Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat
- Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan
- Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur
- Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada
- Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari
- Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareuneuh saigel
- Ari nu ngaranna hukum adil teH teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan
- Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dander. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna
- Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan
- Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di ingeut, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeug nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa
- Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu aleum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea
- Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung.
- Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen nganti-nganti
- Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung
- Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa
- Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na
- Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang.
- Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya.
- Sabar teh lain Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut.
- Sagolek pangkek, sacangred pageuh, teu unggut kalinduan, teu geudag kaanginan.
- Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa.
- Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.
- Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah?
- Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna.
- Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang
- Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh
- Dimana-manahurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina
- Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu sajati
- Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan
- Neangan luang tipapada urang
- Ulah nyaliksik ku buuk leutik
- Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina
- Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian
- Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
- Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
- Hirup di alam dunya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina
- Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran.
- Miindung ka waktu, mibapa ka zaman
- Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.
- Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok.
- Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang.
- Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.
- Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi wekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana?
- Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena.
- Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.
- Positip x posotip= positip. Negative x negative= positip. Positip x negative=negative. Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah.
- Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng.
- Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi
- Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat)
- Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.
- Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun
- Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. (malapah gedang)
- Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada)
- Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.
- Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa
- Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar.
- Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur.
- Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling
- Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat)
- Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.
- Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun
- Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. (malapah gedang)
- Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada)
- Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.
- Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa
- Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumibar.
- Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur.
- Elmu teh bakal ngancik tinu nyaring, bakal cicing dinu eling
- Kalayan hapunten bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga cologog sareng sajabina. Maklum ciri sabumi cara sadesa, bilih aya cara nukacandak ti desa nu kabantun ti kampung nukajingjing ti patepitan, bilih teu sapuk sareng mamanahan. Punten nu kasuhun.
- Jeng dulur mah tong nepikeun tileletik silih ala pati, tilelemet getreng, tilelembut silih ala umur, tibubudak silih ala nyawa.
- Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan nu dekeut geura deueusan. Moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? Tina diri sorangan, cirina satangtung diri. Pek geura panggihan silaturahmi teh jeung diri sorangan, ulah waka nyaksian batur, saksian heula diri sorangan kusorangan weh.
- Sing diajar nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, nyaangan kanu poekeun., mere kanu daek, nganteurkeu kanu sieun
- Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan manusa sanajan ngalamun salaput umur kahayang patema-tema kareup hanteu reureuh-reureuh, dageuning anu bakal karasamah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rencana, Kabul aya tinu maha agung, laksana aya tinu maha kawasa.
- Beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunnana. (Kecap nuhun)
- Nyumput buni tinu caang, negrak bari teu katembong. (Tawadhu)
- Tong Kabobodo tenjo, kasemaran tingali.
- Najan Buuk hideung jadi bodas, dada antel kana bumi, buluan belut, jangjangan oray. moal waka wangsul saacan kenging ridho Gusti.
- Indung anu ngandung bapa nu ngayuga, indung ngandung salapan bulan melendung, tapi indung henteu pundung sabab taqdir tinu maha Agung.
- Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek (Trust – ngak boleh korupsi, maling, nilep, dlsb… kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya).
- Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent).
- Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina (integrity harus mengikuti etika yang ada)
- Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun).
- Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya –> John Robert Power melakukan training ini mereka punya Personality Training, dlsb).
- Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi).
- Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga).
- Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu hoax, memfitnah, dlsb).
- Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama).
- Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah)
- Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense, dlsb)
- Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu).
- Taraje nangeuh dulang pinande (setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar).
- Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan).
- Ulah ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri).
- Ulah nyaliksik ku buuk leutik (jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata)
- Ulah keok memeh dipacok (Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).
- Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri).
- Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan).
- Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).
- Neangan luang tipapada urang (Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain).
- Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth).
- Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan (saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat).
- Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terus pantang mundur).
- Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work).
- Mulih kajati mulang kaasal (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng alam, semua orang akan kembali keasalnya).
- Dihin pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya).
- Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan pula yg didapat…. kira-2 apa yang sudah kita tanam selama ini sampai-2 Indonesia nyungseb seeeeeb )? )
- Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya).
- Nimu luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive).
- Omat urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain)
- Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita, misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-2 yang kita berikan kepada yang lain tsb, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut terbakar abis bersama api yang dihasilkan).dlsb.
- Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak (Sustainable Development ~ Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan… harus serasi dengan alam.).
- Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini).
- Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara).
Sunday, April 2, 2017
Lirik Pupuh Juru demung
Pupuh Juru demung
Mungguh nu
hirup di dunya
Ku ker saning
anu agung
Ku kersaning
anu agung
Geus pinasti
panggih
Geus pi…. nasti
Geus pinasti
panggih
Jeung dua rupa
perkara
Senang
paselang jeung bingung
Di dunya
papasangan
Hiji bukti nu
geus tangtu
Nu hiji nu
geus tangtu
Pinasti yang
widi
Ti illa hi
pinasti yang widi
Nyata na jiwa
raga
Cipta ning
gusti nu agung
lirik pupuh Maskumambang
Maskumambang
He manusa mana
kaniaya teuing
Teu aya ras
rasan
Kaula make di
sumpit
Naha naon dosa
kula
Naha jalma
osok nyiksa makhluk gusti
Kalebet ka
hewan
Tara nyaliksik
ka diri
Nyasarasa
ngejah badan
Kabeh makhluk
ciptaan nu maha suci
Lebet sasatoan
Pangpangna
rasa kanyeuri
Hayu urang
ngaji rasa
Lirik Pupuh Pucung
PUCUNG
KAHAYANG MAH LOBA ELMU
PANGAWERUH
HOREAM DIAJAR
WATEK TUNDUH SARE WAE
CING KUMAHA SUPAYA GETOL DI
AJAR
NUNGTUT ELMU ULAH BARI GURUNG GUSUH
SOK KOMO KAPAKSA
HASIL NAGE MOAL HADE
SAKUDUNA DIBARUNG KU KA
IKHLASAN
UTAMANA
URANG KUDU LOBA BATUR
JEUNG SILIH TULUNGAN
BARI NITIPKEUNYA DIRI
BUDI AKAL
LANTARAN PAPADA JALMA
UTAMANA
URANG KUDU LOBA ELMU
ELMU NU MANFAAT
MASLAHAT PIKEUN SADAYA
BUDI AKAL
HIJI AMANAT PANGERAN
Subscribe to:
Posts (Atom)