Tuesday, March 12, 2019

Pupuh DANGDANGGULA

Tanah sunda nu endah tur asri
ti bihari nepi ka ayeuna
wajib kudu di palire
gunung anu parentul
lamping pasir cur cor ku cai
subur ku tutuwuhan
syukur kanu agung
rampak gawe keur ngarumat
banda urang hayu diraksa dijaring
maslahat sareea.....

pangabisa di barung pangarti
bekel urang dina ka hirupan
digawe masing rancage
sangkan mangfaat hirup
cangreudkeun dina jero batin
mangkade salah lampah
tinangtu kaduhung
jiwa raga katempuhan
prak loba amal ka sakum makhluk gusti
bagja dunya aherat